Kadang hirup sok maksa nyieun urang mikir Urang rumasa, émang urang kudu nyingkir Manéh émang pantes meunangkeun anu leuwih Keun wé baé, urang geus biasa ngarasakeun peurih Kar'na batur pasti bisa méré sagalana Urang mah da ngan bisa méré waktu jeung tanaga Ukur bisa usaha keur nyieun manéh bahagia Lain ukur kata-kata, tapi ku manéh karasa Tapi ti mimiti gé da enggeus kaciri Urang nyaho, da émang kudu manteskeun heula diri Hampura, urang can jadi jalma anu manéh hayang Nyeri nu ku urang rasa, ku manéh moal kabayang Tapi manéh teu salah, urang ngan bisa pasrah Najan hirup urang asa kaleungitan arah Tuluy néang duit walau loba gogoda Méh teu ngarasa deui nyeri jadi jalma teu boga Urang sadar pisan, lain jelema aya Urang sadar pisan, urang jelema teu boga Matak wajar manéh milih nu leuwih méwah Kar'na urang ukur ngamodal kanyaah Nuhun, geus ngaluangkeun waktuna keur urang Meskipun singkat, tapi moal bisa diulang Sagala pengorbanan enggeus dilakukeun kabéh Ayeuna, urang saukur bisa ngadoakeun manéh Baé urang nu nyeri, asal manéh bisa seuri Manéh bakal apal, kanyaah moal bisa dibeuli Baé urang nu indit, asal nyieun manéh bagja Urang sadar, haté mah da moal bisa dipaksa Tapi hiji waktu, ku manéh gé bakal karasa Manéh bakal sadar, harta lain nu utama Batur méré sagalana kar'na boga loba Tapi urang méré kabéhanana nu urang boga Urang teu bisa kukumaha Kar'na nu ngarana cinta moal bisa dipaksa Tapi cinta nu sabenerna Teu kudu loba harta, pasti bisa bahagia Urang sadar pisan, lain jelema aya Urang sadar pisan, urang jelema teu boga Matak wajar manéh milih nu leuwih méwah Kar'na urang ukur ngamodal kanyaah Urang sadar pisan, lain jelema aya Urang sadar pisan, urang jelema teu boga Matak wajar manéh milih nu leuwih méwah Kar'na urang ukur ngamodal kanyaah