Kishore Kumar Hits

Darso - Aki Bedegong текст песни

Исполнитель: Darso

альбом: Tembang Abadi (Pop Sunda)


Ari gawé ngali sumur
Makayakeun nu di imah
Hirup ngitung sésa umur
Sok hilap kana ibadah
Kaso pondok, kaso panjang
Tangkal haur luhur gunung
Sono mondok, sono nganjang
Teu diwaro, ngadonok pundung
ABG, aki-aki bedegong
ABG, masih resep tuang-toong
ABG, aki-aki bedegong
ABG, boga panyakit ngabohong
Parab hayam ku bakatung
Niup hawu, digeubeuran
Isuk jentul, soré jentul
Hirup jadi pangeudulan
Dibéjaan ku incuna
Kalahkah sok molototan
Dibéjaan, diélingan
Kalahkah ambek-ambekan
Kunaon teu ngukur umur?
Kunaon teu ngaca rupa?
Teu kaop nénjo awéwé
Ti peuting teu bisa saré
Dianting, teu dikongkorong
Digelang emas suasa
Ti peuting ngan ukur nongkrong
Bagadang bulan puasa
Parab hayam ku bakatung
Niup hawu, digeubeuran
Isuk jentul, soré jentul
Hirup jadi pangeudulan
Ari gawé ngali sumur
Makayakeun nu di imah
Hirup ngitung sésa umur
Sok hilap kana ibadah
Kaso pondok, kaso panjang
Tangkal haur luhur gunung
Sono mondok, sono nganjang
Teu diwaro, ngadonok pundung
ABG, aki-aki bedegong
ABG, masih resep tuang-toong
ABG, aki-aki bedegong
ABG, boga panyakit ngabohong

Поcмотреть все песни артиста

Другие альбомы исполнителя

Похожие исполнители